Review toko kopi pasar atas
TEMA KOPI VOL 2 Wilujeung Sumping di Blog Awik!!! Tempat Kopi anu bade Abdi Review Toko kopi pasar atas perenahna di Jalan Pasar Atas No.25, Cimahi, Kec. Cimahi Tengah, Kota Cimahi, Jawa Barat 40525. Lokasi jeung Tempat ieu langsung narik perhatian kusabab suasanana nu nyaman jeung konsepna nu estetik. Aya dua pilihan tempat duduk, nyaéta indoor pikeun nu hayang suasana tenang (cocok keur damel atawa diajar) jeung outdoor nu tempat na teu kitu luas ngan suasana na lumayan ngeunaheun. pokona estetik lah jiga vibes na jaman bareto. Menu Jeung Harga Menu di dieu rupa-rupa, hargana ogé masih asup akal. Ieu sababaraha pilihan nu paling favorit nyaeta Dahareun cranberry cream chesee –Rp20.000 roti manis isi nutela – Rp10.000 croissant almond – Rp32.000 Menu Inuman Americano – Rp20.000 Es Kopi Susu pasar atas – Rp25.000 es kopi susu aromanis– Rp28.000 matcha oat latte – Rp35.000 Salain ti éta, aya ogé pilihan kopi spesial, inuman non-kopi. Pikeun informasi menu lengkepn...